Prasasti Geger Hanjuang Ngahanjuang-siangkeun Hari Jadi Tasikmalaya

ku: Drs. Agus Permadi
[Mangle No. 495, September 1975]

Sabada sawala dua poe lilana, tanggal 1 Agustus 1975, DPRD DT. II
Tasikmalaya netepkeun yen Hari Jadi Tasikmalaya teh ninggang kana tanggal:
21 Agustus 1111. Ari mimitina mah puguh ge loba anu heran jeung ngarasa
kurang percaya kana tanggal jeung taun anu kasebut di luhur teh. Tapi da
kitu buktina, hasil panalungtikan "Team Peneliti Hari Jadi Tasikmalaya"
teh, puguh cukcrukan galurna, puguh sasaran bejana, jeung puguh bukti
historisna anu jadi panyangga kana kuatna jeung benerna katangtuan tanggal
21 Agustus 1111 teh. Kuat teh dina harti kamampuan hasil panalungtikan
kiwari anu maksimal. Cenah, eta ka hareup aya deui anu mampuh menerkeun,
eta mah da ciri elmu nu sipatna salawasna teu weleh panasaran, anu pancenna
neangan bebeneran, teu aya halanganana mun salah tea mah pada nalungtik
jeung pada menerkeun.

Team Peneliti Hari Jadi Tasikmalaya mimitina diangkat ku Bupati
Tasikmalaya, Kolonel Husen Wangsaatmadja, tanggal 11 Desember 1973,
diketuaan ku Sdrk. Herniwan Wirasubrata (Sekda). Team ieu teh kakara nyieun
dadasar panalungtikan jeung nangtukeun lengkah-lengkah pikeun ngumpulkeun
sumber-sumber sajarah. Ku lantaran tugas Sekda pohara lobana, nya tanggal
11 Mei 1974 Team dirobah deui ku Drs. Kartiwa Suriasaputra, Bupati nu
ngaganti Kolonel Husen Wangsaatmadja. Nu diangkat Ketua: Sdrk. R. Unang
Sunardjo, SH (Petinggi), ari anggota-anggotana mah kawilang angger keneh,
nyaeta: Drs. Agus Permadi, Drs. Ietjeu Marlina, Drs. Edi Ekadjati, jeung R.
Djaka Suryawan. Ari anu dijieun Konsultan Ahli nyaeta Drs. Atja ti Bandung
jeung Drs. Saleh Danasasmita ti Bogor.

Dasar pamikiran Team, mimiti nyeleser ti wewengkon pamarentahan anu
disebut Tasikmalaya. Katimu wae, yen Tasikmalaya mah minangka pucukna.
Tasikmalaya teh pindahan ti Manonjaya, ari Manonjaya pindahan ti Sukapura,
Sukapura teh pindahan ti Sukakerta, ari Sukakerta teh pindahan ti
Galunggung. Nepi ka Galunggung kandeg bongkotna mah kurang tetela laratan
sajarahna.

Nya ti dinya Team ngaleunjeurkeun sajarahna. Lain neangan iraha kota
Tasikmalaya diadegkeun, nya kitu deui lain neangan iraha ngadegna Kabupaten
Tasikmalaya, tapi neangan sajarah anu aya patalina jeung Tasikmalaya. ari
dipapay, enya runtuyanana teh masih natrat bisa kapapay. Harita ge timbul
rupa-rupa pertanyaan, atuh rek neangan Hari Jadi Tasikmalaya mah ti kota
Tasik we da ari ti Galunggung mah meureun kudu disebut Hari Jadi
Galunggung. Kacindekan Team, ari neangan Hari Jadi teh, lain neangan iraha
ngadegna kota, da Kabupaten Bandung ge moal ngarobah hari jadina ku
diadegkeunana kota Bale Endah, tapi bakal angger mieling tanggal anu aya
tumalina jeung sajarah Kabupaten Bandung.

Jadi, Tasikmalaya di dieu mah, nyaeta ngaran tempat anu nuluykeun
ayana organisasi kamasarakatan atawa pamarentahan ti baheula nepi ka
ayeuna, anu geus kungsi ngalaman robahan struktur, legana wewengkon, jeung
robahna ngaran pamarentahan atawa pusat pamarentahan. Sabab, ngaran
Tasikmalaya moal aya hartina mun henteu jadi ngaran pameungkeut ayana hiji
pamarentahan. Ajenna teh moal beda ti ngaran-ngaran kampung atawa tempat
anu bacacar di wewengkon Tasikmalaya.

Naon atuh nu jadi udagan tujuan nalungtik Hari Jadi teh? Naha gehgeran
bae, pedah batur nyarieun Hari Jadi?

Lain gehgeran, tapi perluna mah ngawawuhkeun diri. Hari Jadi tangtu
kaguarna teh tina sajarah kamekaran manusa-manusa nu ngancik di hiji
wewengkon. Manusa, tempat, jeung waktu ngarupakeun hiji katunggalan kapan,
dina sajarah mah. Dina patilasan-patilasan budaya anu ditinggalkeun, bakal
bisa nerangkeun olahan kamekaran tina usaha-usaha manusa ngahontal
kabagjaan lahir batin. Patilasan-patilasan budaya teh bakal jadi sumber
sajarah anu bisa dicokot kacindekan-kacindekan. Sumber jeung fakta sajarah
kudu ditapsirkeun, dianyam deui jadi leunjeuran sajarah. Ku hasil eta urang
bakal bisa ngadeukeutan hadirna jeung kagiatan-kagiatan manusa di jero
masarakatna dina mangsa biharina. Tinemuna sajarah daerah pribadina, bakal
tumuwuh rasa reueus. Tina rasa reueus, tumuwuh harga diri. Tina harga diri,
bakal tumuwuh kamotekaran-kamotekaran anu bisa dimangpaatkeun pikeun
nunjang pembangunan nagara urang kiwari, boh jasmani, boh rohani. Tujuan
kadua, milu neangan bahan pikeun milu "nyambungan" kana sajarah regional
Jawa Barat, nu engkena meureun bakal disusun. Atuh jembarna mah kaentragan
nu pandeuri sina boga rasa talungtik pikeun nguatan rasa harga dirina, jadi
bangsa anu merdika, tur ngabogaan katahanan nasional anu kuat.

Dina panalungtikan Team manggihkeun 6 moment anu jadi puncak
kajadian-kajadian kamekaran Tasikmalaya ti mimiti Galunggung nepi ka jadi
Tasikmalaya ayeuna:
1. Pusat Pamarentahan di Galunggung, anu disaksian ku prasasti Geger
Hanjuang.
2. Pusat Pamarentahan di Sukakerta.
3. Ngadegna Kabupaten Sukapura jeung kamekaranana.
4. Pindahna Ibu Kota Kabupaten Sukapura ka Manonjaya.
5. Pindahna Ibu Kota Kabupaten Sukapura ti Manonjaya ka Tasikmalaya, anu
disusul ku robahna ngaran Kabupaten Sukapura jadi Kabupaten Tasikmalaya.
6. Tasikmalaya dina lingkungan Nagara Republik Indonesia.

Tah anu 6 moment ieu teh, mangrupa milik masarakat Tasikmalaya anu
henteu bisa dileungitkeun kitu bae. Turug-turug deuih, jajaran caritana
masih natrat anu dikuatkeun ku saksi-saksi anu bisa nunjang benerna eta
kajadian-kajadian. Dina 6 moment anu kasebut di luhur teh, ngandung
galeuh-galeuh parumajaan, kamotekaran, karancagean, kasadaran masarakat,
kasadaran boga pamarentahan sorangan jeung kadaolatan dina wilayahna.
Sanajan tangtu, ajen tina galeuh-galeuh anu dikandung unggal moment teh
henteu sarua.


NGARAN TASIKMALAYA

Aya dua katerangan anu nerangkeun harti Tasikmalaya. Nu kahiji,
nerangkeun yen Tasikmalaya teh tina kecap "tasik" jeung "laya", hartina
"keusik ngalayah". Maksudna mah pedah di Tasikmalaya loba keusik di
mana-mana. Harti ieu bisa ditumalikeun jeung bituna Gunung Galunggung anu
nyemburkeun keusik panas ka kota Tasikmalaya ayeuna. Anu kadua nerangkeun,
asal tina kecap "tasik" jeung "malaya", hartina "tasik" = talaga, laut, cai
ngembeng, atal. "Malaya" dihartikeun "jajaran gunung-gunung" (di basisir
Malabar, India). Harti sagemblengna "jajaran gunung-gunung lir ibarat cai
laut lobana", atawa "talaga gunung-gunung". Ieu oge ditumalikeun kana
bituna Gunung Galunggung keneh. Malah cek para ahli mah lobana
gunung-gunung anu parentul di kota Tasikmalaya teh aya kana 3.648 gunung
(laleutik) lobana.

Kawasna anu merenah mah katerangan anu kadua, anu dumasar kana
katerangan ti Topographisen Dienst anu biasana sok sakalian nerangkeun
asal-usul ngaran tempat (toponimi).

Upama nitenan kitu, ngaran Tasikmalaya mimiti aya teh, kudu sabada
bituna Gunung Galunggung samemeh taun 1822, da dina bitu taun 1822 mah
sabagian tina gunung-gunung eta mah geus aya.

Memeh dipake ngaran Tasikmalaya, tempat nu ayeuna disebut Tasikmalaya
teh tadina mah disebut "Tawang Galunggung", nyaeta tempat panyawangan anu
plungplong ka ditu ka dieu. Mimiti dipake ngaran resmi nu dipake meungkeut
organisasi kamasarakatan mah:

Hiji, dina taun 1813, waktu R.T. Surialaga, tedak Sumedang diangkat Bupati
Sukapura. Nya ku lantaran Gedong Kabupaten Sukapura di Sukaraja harita mah
lain Gedong Nagara, bupati nu lain terah Sukapura mah henteu bisa nempatan
Gedong Kabupaten di Sukaraja. Dina taun 1813-1814 kalungguhan Bupati
Sukapura aya di kota Tasikmalaya.

Dua, dina taun 1821 ayana Afdeeling Tasikmalaya.

Tilu, dina tanggal 1 Oktober 1901, Ibu Kota Kabupaten Sukapura ti Manonjaya
pindah ka kota Tasikmalaya.

Opat, dina taun 1913, ngaran Kabupaten Sukapura diganti jadi Kabupaten
Tasikmalaya, jaman Bupati R.A.A. Wiratanuningrat.


GALUNGGUNG NGABOGAAN AJEN ANU LEUWIH LUHUR

Saenyana mah, ayana karajaan Galunggung teh geus lana kakubur ku usum.
Dongeng-dongengna ngan kapanggih sesemplekanana mimitina mah. Tapi ku
lantaran kaancikan ku panasaran, Team terus maluruh. Nya kapanggih mimitina
mah tina Laporan Kepurbakalaan Jawa Barat (Rapporten Oudheidkundige Dienst
van West Java) anu disusun ku Dr. N.J. Krom. Dina kaca 73 nepi ka kaca 82
eusina husus ngeunaan barang-barang purbakala anu aya di wewengkon
Tasikmalaya. Nya di antarana disebutkeun yen di Geger Hanjuang kapanggih
batu tulis anu eusina aya tilu jajar, kaasup tipe Pajajaran. Ngandung taun
saka 1333.

Disusud terus, katimu tulisan K.F. Holle anu judulna "Beschrevensteen
uit de afdeeling Tasikmalaya" TBG XXIV, 1877. Tulisan C.M. Pleyte anu
ngaitkeun oge Geger Hanjuang dina bukuna "Het Jaartal op den Batoe Toelis
na bij Buitenzorg" TBG, 53, 1911; jeung tina "Twentieth Century Impressions
of Netherlands India" anu disusun ku Triscott & Son (1910).

K.F. Holle nerangkeun yen, ari aksarana mah tetela, ngan henteu bisa
meunangkeun katerangan anu leuwih gampang, sabab dina jajaran kadua teu
bisa kabaca kalimah anu aya hartina. Tapi, tanpa katerangan anu rada
lengkep, Holle geus netepkeun yen ea prasasti teh ngabogaan candrasangkala
1333 Saka. Hasil transkripsi Holle kana Prasasti Geger Hanjuang:

bah o goenna apuy le-
dya (?) wwang ga bu ti sakakala ru mata-
k di yuyu ku batari hyang pun

C.M. Pleyte sapamadegan tina candrasangkala 1333 Saka, ngan Pleyte
netelakeun angka rebuan anu teu tetela diterangkeun ku Holle. Anu dibaca
"ledya" (?) ku Holle, ku Pleyte mah dibaca "dica", nya eta ngandung angka
hiji (rebuan).

Sabada Holle jeung Pleyte, teu aya deui sarjana anu nalungtik Prasasti
Geger Hanjuang anu masih atah keneh tina panalungtikan. Malah loba anu tega
penulis sajarah ngaluarkeun Prasasti Geger Hanjuang tina jalur sajarah kuno
Jawa Barat. Dianggapna meureun, ku lantaran ngan tilu jajar ieuh, moal aya
matakna kana leunjeuran sajarah kuno Jawa Barat. Jeung meureun, bisi kudu
nyieun tiori anyar upama Prasasti Geger Hanjuang disebut-sebut. Padahal ku
saeutikna prasasti nu kapanggih di Jawa Barat, eta teh sakuduna mah sing
jadi bahan panasaran anu enya-enya.


HASIL BACA JEUNG KOREKSI DRS. SALEH DANASASMITA

Sabada nitenan jeung ngabanding-banding ti nu sejen, jeung nalungtik
kasang tukang tina kahirupan masarakat Sunda, Drs. Saleh Danasasmita
ngaluarkeun tulisan anu make judul "Hubungan antara Sri Jayabhupati dengan
Prasasti Geger Hanjuang" anu dikaluarkeun ku Lembaga Kebudayaan Unpad 1974
jeung tulisan anu make judul "Prasasti Geger Hanjuang, Kabuyutan
Linggawangi, Singaparna, Tasikmalaya".

Ringkesna mah hasil titenan Drs. Saleh Danasasmita jeung Drs Atja mah
tulisan dina Prasasti Geger Hanjuang teh:
1. tra ba i gunna apuy na-
2. sta gomati sakakala nu mata-
3. k disusu(k) ku batari hyang pun

Memang aya aksara anu samar-samar, nyaeta aksara panungtung dina jajaran
kahiji, tapi upama neangan nu ngandung harti mah dibacana teh kudu "nasta"
atawa "lesta" (aksara n meh sarua jeung aksara l). Hartina kabehanana ge
sarua ngandung harti 0.

"Tra" tina "trayodasi", hartina 13 (tiluwelas), luyu jeung prasasti
Mantyasih, yen kecap "tra" teh mangrupa akronim (wancahan) tina
"trayodasi". "Ba" - wancahan tina "Badrapada", ngaran bulan anu dipake
baheula, anu dina jaman kiwari mah sarua jeung bulan Agustus. Jadi, "tra ba
i gunna apuy nasta gomati sakakala" teh hartina: 13 Badrapada dina 1033
waktu Saka. Atawa sanggeus diitung, kapanggih eta teh sarua jeung: tanggal
13 Sapar 505 Hijriah, atawa sarua jeung 21 Agustus 1111 Masehi.
[copy paste soe-soe]
0 Responses

Posting Komentar

soe-soe foto-foto tinggal klik saja

soe-soe foto-foto tinggal klik saja
mau lihat foto soe-soe di facebook klik aja gambar foto di atas & jgn lupa di add ^_^
[ Terima kasih atas kunjungannya ke blog saya, jangan lupa kasih komentarnya juga, supaya saya bisa mampir ke blog anda. rajin - rajin mampir ya ]